Kamis, 20 Agustus 2015

PEPATAH SAIKHUNA PUN GURU DI PANDEGLANG PESANTERN DARUL PALAH YUNUSIYYAH Lain doa nu teu matih tapi awak anu teu bersih,di mana ngado'a niatan seja ibadah ulah langsung hayang di ijabah makana saur pun guru bersihan hela awak ke oge do'a mah matih,tah tah gening iyeu teh ngandung harti anu jero nu kudu kunurang di tapakuran,da gening mun urang ngarampa kana diri bakal uninga saha nu sabenerna, Urang mah jalmi luar biasa maksadna luar biasa tinggal rampa we urang LUAR BIASA hartosna luarna biasa ,mun di ciwit nyeuri mun ka keset perih mun ka beuleum panas,tah nanadakeun urang teh jalma biasa,ari jalma biasa pasti boga hawa nafsu boga kahayang,nu akhirna akibat teu bisa merangan nafsu urang pan loba hukum aturan allah anu di rumpak,lalaworan kana ibadah,dahareun ges teu di palire mana haram mana halal,akibatna kotor tah awak,jiiiiih karek sadar gening urang teh lamokot ku dosa .pantes namprak bari tanggah nuhun ka yang agung menta kanu maha kawasa hayang laksana naon nu di cita cita nepi ka ayeuna can aya buktina da can di qobul kusti sing horeng sababna awak urang nu teu bersih, Urang sadayana ti mulai ayeuna hayinatuh bersihan awak ku loba maca istigfar malah mandar gesan kahontal jeung laksana naon nu di cita cita

Tidak ada komentar:

Posting Komentar